PARIBASA JEUNG BABASAN BAHASA SUNDA
Mau mencari pasibasa dan babasan bahasa sunda, berikut saya berikan
- Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
- Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
- Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
- Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
- Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
- Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
- Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
- Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
- Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
- Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
- Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
- Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
- Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
- Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
- Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
- Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
- Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
- Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
- Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
- Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
- Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
- Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.
- Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
- Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
- Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
- Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
- Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
- Aya hate kadua leutik naksir.
- Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
- Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
- Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa dihأ©roan.
- Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
- Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
- Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
- Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
- Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.
- Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.
- Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
- Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
- Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
- Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
- Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
- Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
- Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
- Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
- Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
- Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
- Bobot pangayun timbang taraju kabأ©h anu dipigawأ© kudu pinuh tinimbangan.
- Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.
- Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
- Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
- Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.
- Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
- Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
- Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpangginding, loba pakean anu aralus dipake.
- Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
- Caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat.
- Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.
- Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
- Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
- Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
- Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer.
- Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
- Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
- Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
- Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
- Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
- Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
- Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
- Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
- Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
- Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
- Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
- Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.
- Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
- Dأ©sa maca cara nagara mawa tata Ngagambarkeun yأ©n kaayaan jeung adat kabiasaan di dأ©sa jeung kota (nagara) tأ©h bأ©da-bأ©da.
- Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
- Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
- Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
- Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
- Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
- Dipiamis buah gintung disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
- Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
- Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
- Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
- Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
- Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
- Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
- Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
- Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
- Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
- Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
- Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
- Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
- Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.
- Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
- Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
- Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
- Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
- Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
- Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
- Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
- Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig , dengki.
- Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
- Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
- Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
- Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
- Gurat batu Pageuh kana jangji.
- Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
- Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
- Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
- Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
- Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
- Hampang birit gampang jeung daekan dititah.
- Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
- Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
- Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
- Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
- Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
- Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
- Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
- Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
- Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
- Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
- Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
- Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
- Heureut deuleu pondok lأ©ngkah Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu rأ©a babandingan da kurung batok.
- Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
- Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
- Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
- Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
- Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
- Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
- Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
- Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
- Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
- Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
- Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
- Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
- Ipis kulit beungeut Gede kaera.
- Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
- Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
- Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
- Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
- Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.
- Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
- Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.
- Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
- Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
- Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
- Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
- Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
- Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
- Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
- Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad/ Milampah anu moal pihasileun.
- Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
- Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
- Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
- Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
- Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
- Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
- Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
- Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
- Kandel kulit beungeut euweuh caerأ،.
- Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
- Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
- Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
- Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
- Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
- Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
- Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
- Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
- Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
- Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
- Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
- Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
- Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
- Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
- Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
- Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
- Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
- Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
- Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayamKacida miskina.
- Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
- Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak.
- Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
- Kudu bisa pindah cai pindah tampian Kudu bisa nyaluyukeun manأ©h jeung lingkungan anu anyar dicicingan.
- Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
- Kudu hade gogod hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
- Kudu nepi memeh indit Kudu direncanakan kalawan asak.
- Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
- Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
- Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
- Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
- Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
- Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
- Kurung batok teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
- Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk pedaarek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
- Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
- Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.
- Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
- Legok tapak genteng kadek Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
- Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
- Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
- Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
- Leutik burih euweuh kawani.
- Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
- Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
- Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
- Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
- Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
- Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
- Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
- Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya kakurang.
- Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
- Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
- Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwungNgajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
- Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.
- Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
- Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
- Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
- Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
- Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
- Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
- Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancrakalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
- Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
- Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
- Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
- Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
- Mipit teu amit ngala teu menta Maling boga batur.
- Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
- Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
- Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
- Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
- Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
- Monyet kapalingan jagong Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
- Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup samemeh prak.
- Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
- Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
- Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
- Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
- Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
- Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
- Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.
- Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
- Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
- Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
- Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
- Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
- Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.
- Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
- Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
- Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
- Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
- Neundeun piheuleut nunda picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
- Ngabأ©jaan bulu tuur Ngabأ©jaan jalma nu geus nyahoeun.
- Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
- Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
- Ngadaweung ngabangbang areuy pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
- Ngadek sacekna, nilas saplasna Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
- Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
- Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
- Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
- Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
- Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
- Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
- Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
- Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiriLeutik burih, borangan, sieunan, kecing.
- Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarekLamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
- Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
- Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
- Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
- Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
- Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
- Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
- Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
- Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
- Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
- Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
- Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
- Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
- Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
- Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
- Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
- Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
- Nuturkeun indung suku Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.
- Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
- Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
- Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
- Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
- Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
- Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
- Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
- Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
- Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.
- Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
- Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
- Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
- Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
- Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
- Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
- Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.
- Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
- Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
- Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
- Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
- Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
- Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
- Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
- Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
- Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
- Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
- Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
- Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
- Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
- Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
- Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
- Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
- Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
- Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
- Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
- Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
- Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
- Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
- Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
- Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
- Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
- Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
- Poأ©k mongklأ©ng buta rajin (atawa buta radin) Poأ©k pisan.
- Pondok jodo panjang baraya Saha ogأ© jodoh urang silaturahmi kudu tetep dijaga.
- Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
- Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.
- Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
- Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
- Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureumMaot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
- Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
- Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
- Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
- Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
- Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji.
- Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
- Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumurSasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
- Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
- Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.
- Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
- Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hatأ© baأ©, tacan bruk-brak
- Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
- Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
- Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbanganSauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
- Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
- Satungtung deuleu Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
- Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
- Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur kurang manis.
- Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
- Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
- Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
- Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
- Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
- Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
- Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
- Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
- Seungit angin-anginan Seungit pisan meleber ka mana-mana
- Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.
- Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
- Silih jenggut jeung nu gundul Mأ©nta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga.
- Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
- Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
- Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.
- Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
- Taraje nangeuh dulang pinande Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.
- Taya tangan pangawasa Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.
- Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
- Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
- Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
- Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
- Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.
- Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
- Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake hayang ti salaki.
- Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
- Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
- Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
- Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
- Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
- Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
- Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
- Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
- Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
- Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
- Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
- Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
- Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acanTeu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
- Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
- Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
- Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
- Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
- Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
- Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
- Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
- Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
- Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
- Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
- Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
- Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
- Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
- Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
- Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
- Ulah keok memeh dipacok Ulah sieun saacan ngalakonan.
- Ulah leutik hatأ© Ulah sieun atawa putus pangharepan.
- Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina Kudu nuturkeun أ©tika anu aya.
- Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
- Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun fitnah.
- Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
- Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Ulah rebutan kakawasaan
- Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
- Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.
- Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
- Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.
- Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.
- Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
- Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
- Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjangwiwirang nau pohara gedena.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar